Duuh…kumaha yeuh meni can aya nu nge-post kieu….watir blog teh..:D
Kang Haris cenah eudeuk nge-post mimiti, eeeeh ditutungguan ti poe kemis ncan nolol wae. Siganamah keur loba gawean keneh, da katingalina mah siga nu sibuk. Nya nggeus weh ku uing “first post” na nya, daripada keueung blog teh…euweuh sa’ncrot-’ncrot acan. kalahkah si Aria (pembasmi hama cenah) weh nu nyieun post dina comment….hahahah… Keun weh lah masalah “pidato peresmian” jeung “kata pengantar” mah bisa nyusul, ngke ku Kang Haris…. nu penting mah ieu urang geus teu kuat hayang ngetik lah…leungeun asa ararateul kieu. Tapi hampura, maaf, sorry lamun urang make bahasana campur-aduk kieu, soalna urang mah ngobrolna make 4 bahasa (Basa Sunda, Basa Indonesia, Basa Inggeris, jeung Basa Basi). Hampura…
Sabenerna mah uing mah saukur hayang nyarita weh, pangpangna mah JANGAR BABATOK dewek teh…ujaaaang !!! Ti kamari uing teh can he’es (tidur/sleep) saeutik2 aca, gara2 na mah nginum kapal api nu packaging na anyar, nu bungkusna gradasi beureum ka hideung tea geningan. Tah…teuing racikan na beda kopi teh…atawa teuing uing na weh eta mah nu kalong… Ti beurang keneh nepi ka subuh deui, ieu panon teu bisa dipeureumkeun….ngadon molotot weh. Makaning isuk2 na teh uing teh aya jadwal jaga warnet, waaaah tiwas ieu mah…. Terus ceuk abah anom deuih ulah telat wae cenah, mun telat kudu mawa sangu goreng keur sasajen…hihihih. Nya ku kituna uing teh kapaksa weh teu sare, da bisi kabablasan, tuluy jam satengah 6 uing teh mandi weh, geus kitu kuramas deuih… ANJIIIIR !!!! Tangkurak asa ditinggang ku es batu sakarung….. beuki weh JangHead aing……
Tah…tuluy kuring berangkat weh, dengan muka yang berseri-seri dan senyum yang mengembang (sabari panon belel oge). Tapiiii….. betapa terkejutnya aing saat sampai di warnet dan melihat pintu dan jendela warnet masih tertutup rapat. “Anjiiiir…. geningan sarare keneh si kehed teh !”. Hanas aing datang isuk keneh, sugan teh geus stand-by rek ‘pergantian pemaen’ teh. Ah…geus kitu mah nya kapaksa weh nungguan harudang, da kumaha deui atuh…lumayan lah bisa ngopay heula. Dirigdig weh uing meuli cikopay 2, da geningan abah anom geus hyudang….yuuuu. Geus kitu teh, gejlig… weh kokolot urang sararea (kang ugex) ge hudang…heheh… nyaaa geus kitu mah naon deui atuh ari geus ngumpul 3an mah, moal jauh…pasti kongres (ngawangkong teu beres beres)…. Was wes wos…was wes wos… teu karasa geus jam satengah 10 (mun teu salah mah..), Akhirna, Kongres ditutup weh dengan keberangkatan Abah anom ke kandangnya… da hayang dahar jeung mandi heula cenah, soalna jam 11 dines deui di ’samping VIP’, jeung deuih Kang Ugex oge rek indit heula cenah.
Meumpeung keur salse, tuluy uing teh rek ngagawean desain header keur blog babaturan uing, tapi ojol-ojol internetna teu konek, tah…geus kieu mah pasti loba nu ngagoak………….. Teu lila ti dinya, tah kan ceuk aing oge aya nu ngagoak….jabaning nyeri hulu, internet ngadak-ngadak teu konek deuih…tuluy user ngageroan wae…pusiiing… bari gugulupet nyawa oge tapi akhirna jadi oge uing nyieun header. Ngan panon aing jebleh…….
Eng…ing…eng… tiba2 datanglah sesosok yang sudah tidak asing lagi di dunia per-OP-an….siapa lagi kalow bukan….Tuan Krabs…hueheheh… Pertama yang dituju sudah pasti $$$, heheheh trus ngambil laporan shift, baru deh ngebenerin koneksi. Klak…klik…klak….klik…bletuk……. dan……. taraaaaa…… akhirnya koneksi nya jalan lagi, asik lah bisa browsing lagi, dan dia pun pergi seiring dengan ‘ngagebret’nya hujan yang mendadak mengguyur bumi.
……………….
Tah….geningan lumayan panjang oge aing nyarita teh euy….. teu karasa geus jam 8, padahal tadina mah aing teh rek balik sore. Gara2 hujan keneh, trus aing iseng nulis post ieu nepi kabablasan kieu… Sabenerna uing masih keneh loba caritaeun, tapi berhubung geus peuting jeung panon aing geus ngagayot, jadi sementara ieu mah tamat weh lah nya….??!!!
Tah ieu aya sajak penutupan weh nya :
Hampura ka kang Haris, diantosan ti dinten Kemis jadi abdi weh nu first
Hampura ka kang Widi, mawa sangu gorengna teu jadi
Hampura ka para user, mun abdi haroream ngiser
Hampura ka Aria, mun bade nge-post mah tempatna tos aya
Maaf buat kang Ugex, kalo saya sering ngejek
I’m sorry to Mr. Krabs, for all this craps
Heheheheh……huahahahahahah…..wakakakakakak…..burakakakak barakatak….barakatak…..GELO SIAH !!!!
DIarsipkan di bawah: Semuah | Ditandai: curhat, first post, op, operator, post mimiti, post pertama, warnet


first word…
Rumaos Pribados Upami DiTaros Ceplas-Ceplos, Upami Nyarios Sok Poporongos, Upami Luas Leos Tara Wawartos. Hapunten anu Kasuhun,Hampura anu di teda, boh BiLih aYa saur Nu teu ka ukuR,cariTa anu pasiLia,anu maTak kabeleutruk kana tu’uR, NgabeuLeuTrang kaNa Tarang,NyuhUngKeuN di HapuNteUn saMudaya kaleuPatan pRibaDos bilih dina ieu blog aya nU teu Raoseun Kana Manah..matak Nyeredet..
2Nd..
punteun Pisan duLur..
enjing- enjing teh
simkuring nembe hudang
kumargi da kumaha atuh..
aing tunduh…
kumargi minggu na teh simkuring atos sHow heula ka cimoHay..
biasa ngabebende keun jeroan Calana..he,,he,,
nu puguh namah
isuk isuk teh aing hayang mantog ka imah..ari rencanamah erek ngadangdosan motor..kumargi motor aing geus teu geunaheun deui,,setand pisan lah liba pisan kahayang na eta motor teh,,
tapi da geus apal nu jaga teh geuningan nu di pikolot ku simkuring..
najan kolor dekil,peujit ngoet..kabeh teu dirasa..eta oge nuhun pisan bade pangmeserkeun tuangeun keur simkuring..tapi da lain nampik rejeki..ngan kudu kumaha deui atuh…(teu puguh,,he,,he,,he,,)
mangrupi persoalan “about sebuah karya nyata dalam bentuk audio Visual teh”
kalintang di antos pisan ku simkuring..nya urang teh sebagai kaum muda..
hayu urang jucung naon nu aya dina pikiran urang…
maju anyinggggggggggggggggggggggggggggggggg…….
da geuning
upami di tinggal ku simkuring mah..
boh didinya,kang ugex,maskot=aria..eta teh gaduh prospek nu mungkin cerah ka payuna,,
meskipun terkesan bodor ,cuek,acuh,,but..ari masalah kana intelektual mah geuningan sae pisan…
HAYU URANG RIUNG MUMPULUNG
BONGKOK NGARONYOK…
DARI PADA NGOBROLKRUN NU TEU PUGUH
MENDINGAN URANG NGARIUNG…
ieu Zona Teh nu urang..jajahan Urang..keur uRang..Hak di WeuWeuLeh ku Urang…
(sumpah teu Nyambung)…
[...] na ngabantuan ngerjakeun tugas kuliah na kang ugex, jadi rada cararape. Ari niat mah euy hayang datang isuk keneh, tapi da hudang na ge telat, nya pasti weh nepi na ge telat. OP nu digantikeun ku aing teh kang [...]