Seri #1 : Aing Tumbang !

Tangkal gede ge bisa runtuh…
Gunung ge bisa longsor…
Komo deui aing nu ngan saukur jelema biasa…
Kamari aing tumbang sodara sodara…

“Gubrrag..!!”
“Tonggong geus asa ngarempeyek, panon seuseut hese beunta, punduk ge beurat asa ngagotong beas dua ton. Pokona mah rek hudang ge satengah sadar da geningan hulu ge asa muter, rek muntang ge euweuh pamuntangan. Nu puguh mah aing ngan bisa ngajoprak dina kasur bari pasrah tumarima kana kaayaan nu geus taya daya upaya kieu. Akhirna mah teu lila ti dinya, reup… weh dunya jadi hideung sakabehna, panon geus teu ningali, poek… ceuli geus teu ngadenge, sepi… tungtungna mah aing geus teu sadar weh.”

Tah eta teh kajadian jam 5 subuh, aing teu sempet sare da peutingna kudu ngabenerkeun heula komputer nu adi aing. Adi aing teh keur loba tugas kuliah cenah da sakeudeung deui rek nyusun skripsi. Tah pas peuting eta teh monitorna teh ngadadak pareum, padahal adi aing keur riweuh-riweuhna. Kapaksa atuh aing teh kudu nyokot komputer nu aing, padahal geus jam 2 peuting, aing sieun disangkakakeun bangsat weh ngagogotong komputer wayah kitu. Laleuleus oge maksakeun weh, padahal aing karek nepi ka imah teh jam 12. Ari sugan teh moal hahehoh euy ngagotong komputer teh, da kamar aing deukeut jeung imah kira2 50 meter lah ti imah ka kamar aing teh, jabaning kamar aing teh keur pabalatak da keur direnovasi. Komputer teh aya dina tumpukan barang2, nya puguh atuh aing teh kudu kukurusukan tengah peuting ngaluarkeun komputer. Mimiti ngagubug monitor na heula, tuluy balik deui ngagotong CPU na, lumayan tah dua balikan manggul komputer bari susulumputan da bisi disangkakeun maling. Nepi ka imah teh lumayan rada ngesang, nya bae lah da eta mah resiko aing.

Ari sugan teh komputer teh baleg euy… hanas ku aing dipasang-pasangkeun, naha pas dihurungkeun ngadon blank, euweuh burinyai burinyai acan. Anjriit… ieu mah alamat aing kudu bobongkar deui. Tuluy weh ku aing teh dibongkar deui eta komputer aing teh, ku aing tukeurkeun weh memory na jeung komputer nu adi aing. Padahal nu aing mah make DDRAM ari nu adi aing mah masih SDRAM, untung weh motherboard nu aing masih nyadiakeun slot SDRAM. Tuluy battre CMOS na ku aing di ganti, da bisi geus lemah soalna BIOS na sok ngareset wae. Tah saencan memory dipasang, ku aing teh diberesihan heula, ngabelaan neangan contact cleaner. Manggih mah manggih eta contact cleaner teh, ngan eusina tinggal saencret. Ah bae lah lumayan, da piraku kudu diberesihan make WD, bisi korslet deuih.Tapi geus cape2 teh angger weh komputer teh teu hurung, “Waduuuh, jangar !”. Tungtungna mah geus weh ku aing teh dibalik2keun deui eta memory na, da aing geus jangar. Akhirna mah CPU na make nu adi aing deui weh, monitor na make nu aing. Bae lah CPU nu aing mah ngke deui weh dioprek na, geus nyut-nyutan hulu yeuh…

Aing reureuh hela sakeudeung, bari nginum da haus euy ti jam dua keneh teu nginum. Ari pas ningali jam, geningan geus jam 5 subuh, “Waduh !”, makaning aing teh jaga isuk2, berarti jam satengah tujuh aing kudu geus indit. Ari ieu jam 5 beunta keneh, maenya sare ngan sajam. Ari tadina mah rek ngagoler weh ah, moal sare, soalna karunya ka kang Widi (diecovr39) mun aing telat deui.

Tah… ari pas ngagoler…..

“…reup… weh dunya jadi hideung sakabehna, panon geus teu ningali, poek… ceuli geus teu ngadenge, sepi… tungtungna mah aing geus teu sadar weh.”

…………………..
………………………

…………………..
………………………

Bray… weh caang !
Aing hudang….
Pas ningali kana jam, geningan geus jam 8. Walah karunya yeuh kang widi, siganamah ngadodoho weh nungguan aing. Soalna aing apal peutingna kang widi can sare. Ah… bisi ngarep-ngarep, geus weh ku aing teh ditelepon. Bari panon rapet keneh ge, jeung bari ngagoler keneh, aing bebeja weh ka kang widi yen aing keur jangar babatok. Hampura yeuh ka kang widi, aing awak ripuh kieu, bari nanyakeun sugan didinya aya OP nu lain nu bisa ngagantikeun heula, ari pek teh euweuh sasaha pisan. Nya aing teh atuh nelepon ka kang ugex, teu diangkat… siganamah keur sare keneh. Tuluy aing nelepon ka ricky (anglingriki), tapi manehna cenah aya kuliah jam 9 jadi teu bisa ngagantikeun. Tah untung kang widi nelepon balik aka aing, ngabejaan yen didinya aya aria (pembasmihama). Tah tadina aing teh menta tulung ka aria panggantikeun heula sementara aing can datang, tadina mah aing rek langsung berangkat.

Tapi kumaha deui, aing hese hudang kieu geningan, asa rontok saawak-awak nu karasa mah. Teu lila sanggeus aing nelepon, aing masih keneh ngalempreh dina kasur, teu karasa panon aing ngadon peureum deui. Da ngaran awak ripuh meureun nya, geus kodratna meureun kudu disarekeun deui. Teu lila tidinya… aing beunta deui saeutik, ngareret kana jam dina tembok… Aeh-aeh geningan geus jam 10 leuwih, tuluy aing ningali kana HP, euweuh nu nelepon atawa nga-sms. Aing geus hariwang weh bisi kang widi neleponan tapi teu kadenge ku aing. Pipikiran aing mah di warnet geus aya nu ngagantikeun meureun, matak teu ngahubungi oge. Terus weh aing he’es, lumayan tibra da kabeneran di imah euweuh sasaha, jadi rada jempling.

Hudang hudang teh jam 3 sore… Alhamdulillah awak geus rada normal, geus lumayan seger deui ayeuna mah. Tadina mah aing teh rek langsung ka warnet, rek ngalongok nu jaga warnet, ah tapi dipikir-pikir deui mending isukan deui weh ameh jongjon. Jabaning kan lumayan meh aya waktu keur ngetik post ieu heula, jadi supaya langsung di-publish kadieu.

Tah…ari sabenerna mah aing tumbang teh lain gara-gara kurang sare wungkul, da ari begadang mah geus biasa. Ngan ieu mah katambah gara-gara kajadian kamari na nyaeta “Sapoe Saencan Aing Tumbang !”. Tadina mah post eta teh rek dihijikeun ka post ieu, ngan bisi panjang teuing, bisi nyaingan Harry Potter deuih, kan riweuh…

Baca : Seri #2 : Sapoe Saencan Aing Tumbang !

3 Responses to “Seri #1 : Aing Tumbang !”

  1. heu,,heu,,heu,,

    sepandai pandai tupai meloncat
    akhirnya jatuh juga,,kang arif..

    sakuat kuat na lalaki
    pasti bucat juga..wkwkwkkwkwkwkw….

    Nuhun ah Baso goreng ALa cimahi na..
    di tampi pisan,,,Raos..haseum….heu,,heu,,,Yu mari ah…………..

  2. Euleuh, Urang teu ngarti bahasana, duluuuuur.

  3. @Oppe

    Maaf ya kalo bahasanya ga ngerti, soalnya saya ngga sempet bikin terjemahannya… heheheh…

Leave a Reply