Koneksi Lelet, Pelanggan Mangpret…
Pasti para OP pernah kan ngalaman koneksi parah alias lelet? Yaaa… iyaa lah…… komo deui lamun warnet keur pinuh. Tapi sabar weh… soalna teu lila tidinya pasti user kalaluar, da maranehna ge geus kaburu jangar soalna bar loading na ge teu maju-maju
Tah mun geus kalaluar mah, pan rada ngemplong……. hehehe… Kamari oge pernah koneksi mangpet pisan, ti asalna loba nu make, jadi baralik da parah pisan koneksina (kecuali aya 1 nu paket, da geus kagok mayar meureun). Malah tadi mah aya nu ngomong kieu “Wah.. parah banget nih, upgrade dong….”, manehna siga nu aral pisan soalna ngirim email oge lila pisan. Terus bieu deuih geus aya meureun 3 urang nu ngomong lelet teh. Teuing nu lain ge meureun ngarasa kitu, ngan teu diomongkeun weh meureun.
Di warnet Zona Dago aya 14 klien (ngan no 11 jadi tempat neundeun barang-barang, jeung no 10 hese hurung), 1 keur operator, jadi total komputer nu dipake aya 13 komputer. Tah kabayang pan mun kabeh kaeusi, kumaha lambatna eta koneksi nu nggeus pas-pasan. Komo deui ieu warnet make Speedy Paket Office. Padahal mah cenah ku 10 komputer wae, koneksi teh lambreta tak bersua
Pokona mah paraaaah weh….. Pan ari keur warnet mah, Speedy teh nyadiakeun Paket Warnet anu sahenteuna koneksi bisa leuwih ngeunah tibatan nu Office, tapi nya eta hargana oge leuwih ti 2x lipat.
Sok weh geura tingali bahasan Speedy Warnet jeung Office.
Aing oge pernah mantuan babaturan nu muka warnet make nu Office, tapi manehna ngan dipake keur 10 komputer, eta oge geus jeung operator. Sakali waktu pernah aya gangguan koneksi, manehna ngahubungi ka pihak Speedy na. Cenah mun Speedy Office dipake keur warnet, mun aya gangguan dibenerkeun na rada lila dibandingkeun nu emang keur paket warnet.
Tah ari si O’bos mah meureun tadina hayang ngirit biaya koneksi supaya untungna bisa leuwih gede. Tapi da nu puguh mah, pelanggan na oge ngadon kalalabur jeung pastina haroream balik deui. Ari aing mah salaku operator nya paduli teuing euweuh pelanggan nu datang oge. Nu aya mah ngadon bungah, da koneksi na keur jatah soranganeun
wekekekek…. warnet batur ieuh…. nu penting mah aing masih bisa nge-net… Nu parah deui, di warnet Mabes (Markas Besar). Teuing sih diditu make koneksi naon, tapi ti mimiti 16 komputer klien (jeung 1 operator), tuluy ditambahan deui 6 komputer jadi 22. Eta teh bari ngorbankeun korsi tamu keur nungguan. Tuluy ayeuna ditambahan deui jadi 26 komputer mun teu salah mah…. Tah… naon akibatna? Pelanggan jadi hoream nge-net didinya, soalna koneksi jadi lelet pisan, trus tempat jadi asa sareukseuk….. Maksud hayang boga bati gede, tapi ngadon omzet turun drastis. Aing apal omzet di Mabes beuki turun ti Kang Haris, soalna kamari-kamari si O’bos sigana ‘curhat’ ka Kang Haris. Wakakakak…
Pelanggan teh datang ka warnet teh lain saukur diporotan duitna. Ya.. iyaaa lah pelanggan teh datang ka warnet hayang tempat nu nyaman, koneksi ngeunahen, operator gararanteng jeung gareulis, bisa nongkrong heula bari ningalian pemandangan, pasti user ge betah di warnet, jeung pasti sono balik deui. Mun kitu mah pasti omzet ge moal turun (untung weh gaji OP teu ngilu turun, mun ngilu turun teh kabina-bina teuing siah jurig…
)
Warnet lelet, pelanggan mangpret, O’bos jadi gegetret….
Pelanggan mangpret, koneksi ngabret… nu bungah nya operator warnet
Sakitu heula ah…. pret…pret…pret…
DIarsipkan di bawah: Semuah | yang berkaitan: operator, warnet, op, koneksi, speedy, office, omzet


settttttttttttt….!!
saminggu katukang ieu warnet jadi lelet…
nga upload foto keur di fs 2 jam teu asup asup…
ada apakah ini?
mungkin kan pengaruh cuaca yang panas dingin ?
apakah pengaruh suhu udara yang naik turun ?
conections Lelet…
loading teu keu’cet - keu’cet..
user marangpret….
leungeun ka ceu’pet…
modol mencret…
setoran sa’euncret…
o’bos gegetret…
speedy Ngepet…
dasar kutu kupretttttttt……setttttttttttttttt……..
tapi da emang bapa aip..
jarang nu murah alus mah..
kecuali nang maling……
Bade ngiring ngaheot akh…
Kamari teh sa teuacan kabeh nu piranti ngadonlod video jeng empetri. Aq teh mw ngdonlod wayang golek di you tube.
Disebuah net berkapasitas 10 kom dan koneksi lancar, diriku mcoba mendonlod. Beuuu… Hampir kabeh eta user ngambek tea ka urg, bejana teh ” siapa oy yg donlod bokef ?”.
Urg teh rumasaan jelma na, kulit muka asa siga kulit bunglon nempel na botol sirup ABC cocopandan beureum. Eraaaaaa…. Ah tapi da lain donlod bokeF aq mah. Anteng weh. Da pasti kabeh ge tau aq nu ker donlod video, coz pd nyamper k meja server, hoyong ningali meren. Wkwkwkwkwkwk damn pisan!
Kuya teh akh, lantaran era, urg mah tara kadinya dui. Hihihi
angeus mah pada mampret’s trus ka pencets
biasa lah pasilitas nu di pasihan ku si crab mah dah sa aya na weeee
mung ncep mah rumaos da kadinya oge bade ngarewong hungkul manjangkeun duduluran sareng nu sanes
janten we teu mangpret2 uih deui uih deui
ckckkckckkckckkc
@Ratu09
Enya euy, ari koneksi lelet teh nu katempuhan operator, padahal mah boa teuing nu keur ngadongdot… eh… ngadonlod teh user nu lain….
[...] Koneksi bermasalah Kalo koneksinya cuma macet sebentar sih ga terlalu masalah, paling juga usernya pada [...]