• Para OP go blog
  • Login

  • Halaman

  • Arsip

  • Diklik

    • 25,838 kali
  • Statcounter

    blog stats
  • Yang Lagi Mampir

    visitor stats orang
  • PageRank

  • Online Activism Blogs - BlogCatalog Blog Directory

Bahasa Inggrisna Anjing

Isuk keneh, si Kehed jeung si Koplok keur ngarobrol dina handapeun tangkal awi (nanaonan coba nangkring didinya….). Kurunyung sakadang anjing ngaliwat ka hareupeun maranehna, teu punten teu naon ngadon gek weh cicing di gigireun maranehna (hayang ngilu ngobrol meureun… :D ). Ningali aya anjing didinya, si Kehed jeung si Koplok nu tadina ngobrolkeun manuk, jadi ngabahas anjing.

Kehed : “Ari basa Inggerisna ‘anjing‘ naon nya, Plok?”

Koplok : “DOG.” (bari tiis tea ngajawabna)

Kehed : “Mun ‘anjing nu keur cicing‘?”

Koplok : “NgajeDOG

Kehed : “Oooo….”

Tuluy maranehna caricing deui….

…..

Kehed : “Terus… mun ‘anjing nu bisa didiukan‘, naon tah basa Inggerisna?”

Koplok : “JojoDOG

Kehed : “Jir… maneh bisaan euy basa Inggerisna. Teu nyangka aing mah…”

(Padahal si Kehed nyaho, yen si Koplok teh ngawadul. Ngan si Kehed pura-pura teu apal weh…)

Kehed : “Tuluy basa Inggerisna ‘dahareun nu dijieun tina kulit anjing‘?”

Koplok : “DorokDOG(beuki ngacapruk weh si Koplok teh…)

Kehed : “Naha gening ampir sarua jeung dorokdok???…”

Koplok : “Enya… pan sarua tina kulit sato…”

Sakadang anjing nu keur cicing di gigireun maranehna ngan ningalikeun weh eta duaan keur ngacalapruk. Nya meureun rek ngilu ngobrol ge da teu bisaeun bahasa jelema, jadi ngan saukur bisa ngadengekeun weh…

Kehed : “Ngomong-ngomong dahareun, jadi lapar yeuh… Keula atuh aing rek nyokot heula gorengan”

Koplok : “Heu-euh atuh, urang ge rada lapar yeuh… can sarapan. Mun aya mah nu panas keneh nya!!”

Kehed : “Heu-euh… mun aya keneh…”

Dirigdig weh si Kehed teh ngagidig ka warung nu teu jauh tidinya. Teu sabaraha lila, manehna geus balik deui bari mamawa piring nu eusina bala-bala. Eta bala-bala teh sigana anyar ngagoreng, nu pasti mah panas keneh, da katingali meni ngebul pisan…

Kehed : “Tah.. kabeneran aya nu panas keneh” (Bari nyimpen eta piring di hareupeun si Koplok)

Koplok : “Enya, ngeunah pisan jgana mah… tapi ngke weh ah nungguan rada tiis”

Kehed : “Heu-euh…”

“Tah nyambung jeung nu tadi, mun ‘bala-bala panas‘ naon tah basa Inggerisna?”

(Si Kehed panasaran keneh masalah basa Inggeris ka si Koplok)

Koplok : “Ah… babari atuh eta mah…”

“Basa Inggerisna ‘bala-bala panas‘ mah nyaeta ‘hotDOG‘.”

Kehed : “Naha hotDOG?… Eta mah hartina ‘anjing panas‘, lain?”

Koplok : “Enya… sok geura……”

Gerewek weh si Koplok teh nyokot bala-bala hiji tina piring hareupeun manehna. Tuluy, eta bala-bala nu panas keneh tur ngebul teh diwewelkeun kana sungut si Kehed.

Koplok : “Tah !! Asaan ku sia!!”

Bakating ku panas jeung katambah deui ku reuwas, pas eta bala-bala antel kana biwirna, si Kehed langsung ngogorowok….

Kehed : “Anjiiing !! Panaaas !!!

Koplok : “Huahahahahahhahahah….” (si Koplok seuri meni nyakakak pisan)

“Tah… kan ceuk aing oge…..”

“Wakakakakakakak………”

Bakating ku keuheul si Kehed ngabura beungeut si Koplok ku bala-bala nu aya dina sungutna.

Kehed : “Koplok! Heureuy teh teu kira-kira….”

Beungeut si Koplok pinuh ku bala-bala nu diburakeun ku si Kehed bari campur jeung ciduh nu kira-kira satampuyakan.

Koplok : “Anjir! Rujit kehed!”

“Sia mah pikageuleuheun!!!”

Kehed : “Ahhh… sia nu edan!!! Tingali biwir aing nepi ka jontor kieu!!!”

Koplok : “Anjing! Tingali beungeut aing!”

Kehed : “Koplok !”

Koplok : “Kehed !”

Kehed : “Koplok !”

Koplok : “Kehed !”

Sanggeus paomong-omong, tuluy maranehna ngadon buk-bek gelut. Pak pik pek bari gugulitikan dina taneuh, bari beungeut bobolokot ku bala-bala nu geus teu mangrupa.

Sakadang anjing ngan bisa gigideug ngabandungan kalakuan eta jelema garelo. Tungtungna sakadang anjing ngaleos weh da bingung….

Sakadang anjing : (dina jero hate)

“Eeuh… geus ngomongkeun aing teh ngadon garelut… dasar JELEMA!”

“Lieur aing ngabandungan kalakuan jelema mah, mending ge aing maca blog weh ahhhh….. :D


12 Tanggapan

  1. aip..aip….my brother,,,,
    ga nyangka ih..pinter bikin joke,,,
    lumayan niiiih penghilang strees ..baca ini jadi ketawa …
    bikin lagi yang super funny ya…

  2. WKWKWKWKWKWKWKWK
    AIP MAH MEMANG JAGO NA NGE BLOG
    ALIAS PALING GOBLOG
    WKWKWKWKWKW
    HEUHEUHEU
    HEUREUY AH LUR TONG DI ASUP KEUN KANA MANAH NYA KOPLOK HIHIHIHIHIH

    HIKS ETA TETEH KM RIF
    HUHUY AYA DEUI NU TERTARIK WILUJEUNG TEPANG AH TETEH
    MANGGA DI AOS
    HEHEHEHEHHE

  3. wakakakakakakakakakaka…….
    bener pisan kang aip….
    wakakakakakakakakakakaka…..
    reading this blog make me better….
    huh….
    joke is the another fresh air for me…
    heuehueheuheuheu…
    kip pangki bi yorselep….
    babay….
    wakakakakaakakak…

  4. Wkwkwkwkwkwkwk. Dasar indonesia people, lmun ngadad teh, kalaluar bhz binatangna.

  5. ha..ha..ha..
    kamus bon-bin..
    ditunggu kamus ranjangnya…
    wakakak..hahah..ha 34x fiuh..

    astaghfirullah..

  6. wakakkakakakkakakakka

    parah heueheu lamun bahasa ranjang saha pemeran na nya
    si OH yes jeung OH NO meureun wkwkkwkwkwkw

    sok ah urg yes no yes no annnnn
    hiihihihihihihih
    mariiiiii

  7. nu garelo kabeh

  8. Kapan2 lah ntar bikin “kamus ranjang” nya… :D
    cari inspirasi dulu……….

  9. SIF ETA KEHEDDOG JENG KOFLOXDOG ALUS EUY AING NGAGAGAK SAPOPOE SAMPE KAAYEUNA !!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!! HEUH,,,,,,,,,AYA UBARNA TEU?

  10. ubar na meuli anjing panas…

  11. bisaan uy… urang gakgak… teruskeun.. nyieun deui…

  12. ahhaha.,,, ke aya kelanjutan na

    kopi na beak euy udud na ge can meuli hauhahahaha

Tinggalkan Balasan